Mieling 17 Agustus 1945
Oleh: Guntur Gumelar
Bismillaah...
Bulan
Agustus ieu urang bade miharep dina raraga syukuran yen nagara urang tos
merdeka, ayeuna urang merdeka tos tujuh puluh hiji taun lilana, rumaj loba nu
teu apal yen kamerdekaan teh mahal, ditebusna lain bae ku harta, tanaga atawa
pikiran tapi nepi ka jasad jadi babatang. Taringgulna paesan di makam pahlawan,
sareng sanes sakeudik anu teu ka pendak laratan kuburannana, jadi bukti anu
mandiri yen kamerdekaan teh ditebus ku perjuangan sareung pengorbanan bangsa.
Tugas urang
ayeuna miara sareung ngeusi kamerdekaan anu tos diwariskan ku para pahlawan. Miara kamerdekaan carana ku ngajaga
sareung ningkatkeun kastuan sareng persatuan atawa uhkuwah Islamiyah, sabab
lamun uhkuwah pecah tos mustahil ieu nagara hancur deui.
Ngeusi
kamerdekaan ku cara ngeusi kagiatan-kagiatan pangwangunan dina sagala widang,
widang tatanen, industri, perdagangan, kasehatan, sareung seur-seur deui,
kaleubeut widang anu kawilang pentingna nyaeta ngawangun bidang mental spritual
dina hartosna ningkatkeun elmu, kasadaran areung amaliayah agama,
praktekna katingal dina unggal
pangaosan, katingal dina solat berjamaah, kagotong-royongan masyarakat, akhlaq
para rumaja, runtut rautna rumah tangga sareung seur-seur deui.
Pamarentah
ngagedurkeun sumanget ngawangun , sareung ngadorong masyarakat supados
rancingeus dina digawe hakekatna kangge masarakat sorangan, sabab anu jadi
cita-cita urang merdeka teh nyaeta masarakat anu adil tur makmur, amu didadasaran
ku falsafah Pancasila,dina wadah nagara kasatuan Republik Indonesia.
Urang sadaya
mundut ka Nu Agung, ngadunga ka Anu Kawasa supados arwah para pahlawan bangsa
ditampi Iman Islam sareung dihapunteun
sagala kaleupatanana, ditempatkeun
disisi mantenna kalayan teu keundat dikocoran rakhmat sareung nikmat ti
Allah SWT.
0 Comment for "Mieling 17 Agustus 1945"