Keucap Panganteur Tafsir raudhatul Irfan Fi Ma'rifatil Qur'an Karya KH. Ahmad Sanusi Sukabumi



Malam Selasa 02 Agust. 16
Oleh: Guntur Gumelar
Keucap Pangantuer
Dikawitan ieu tulisan ku bismillaahirrahmaanirrahiim, mugia abdi tiasa diparinan rahmat sareng inayah ti Allah subhanallaahu wata’ala, dina belajar kana elmuna Allah nyaeta padoman hirup manusa yaktos alquran. Mugia Allah marinan pituduh ka pangersana pun maha guru abdi tialit dugi ayeuna kulawargi alm KH. Hasan Halmy bin Abah Mursim bin bapa KH. Halmy.Teu hilap oge pun guru-guru disakola, pesantren, kuliahan sareng nu sanesna oge anu teu tiasa ku jisim abdi disebatkeun hiji-hijna
Teu hilap oge abdi nyebat mugia Allah marinan abdi kagampilan dina belajar ieu kitab Tafsir, yakni Tafsir Sunda anu nami Tafsir Rhaudhatul Irfan Fii Ma’rifatil Qur’an anu dikarang ku alm KH. Ahmad Sanusi Sukabumi Jawa Barat Indonesia. Dina belajar ayana ieu mugia janten amal ka mantena anu bakal ditampi ku Allah ta’ala janteun amal soleh. Ammiin ya rabbal a’lamiin. Dikawitan ieu makalah dijudulan “ Al-Fatihan dina Tafsir Raudhatul Irfan Fi ma’rifatil Qur’an “ Dalam pandangan KH. Ahmad Sanusi.
Saterasna nyebat shalawat sinareung salam, mugia dilampahkeun ka junjunan urang sadaya yakni habibana Muhammad Saw, teu hilap kaluwagina, sahabatna, tabi’in tabiatna sareng teu hilap ka urang sadaya anu janteun ummatna anu insya Allah ta’at sinareng patuh kana ajaran manteuna dugi poe kiamat.



Guntur Gumelar





BAB I
BUBUKA
A.   Kasang Tukang
Alquran nyaeta dawuhan Allah anu dilungsurkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, lewat perantara malikat Jibril. Dina memahami ayat-ayat-Nya margi kitu urang kedah paham kana elmu-elmu anu kedah diterapkeun sareng kedah diangge dina maos ayat alquran, sapertos elmu nahwu, elmu balghah, elmu qira’ah, tafsir, asbabun nuzul sareng elmu nusanesna anu teu tiasa disebatkeun hiji-hijina. Margi kitu dina sagala widang elmu teh aya patula patalina pikeun terang maksud ayat anu turun ka kanjeung nabi Muhammad saw.
Dipayunen makalah ieu  tiasa masihan informasi ka urang sadayana ngeunaan sangkan masyarkat sadar pentingna belajar kana Alquran, boh dina macana atanapi dina nafsiran ayatna. Makalah ieu masih teubih tina kasampurnaan, kualatan eta kritik arta saran tisadayana  pihak anu sifatna ngawangun abdi ngantosan kana usulana nepi kasampurna ieu makalah.
Al-fatihah nyaeta surat pertami anu aya dina Alquran, anu mangrupikeun bibika aosan dina maca alquran
B.   Tujuan


BAB II EUSI
Kumaha uninga surat Al-Fatihah,Tarjamah, sinareung kateurangana ?

A.   Ayat sareung tarjamah
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ
Kalawan jeuneungan Allah anu maparinan ni’mat gede tur anu maparinan ni’mat leutik
الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ (1)
Ari sakabeh puji eta kagungan Allah anu ngurus sakabeh alam
الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ (2)
Anu maparinan ni;mat gede, anu maparinan ni’mat leutik
مَالِكِ يَوْمِ الدِّينِ (3)
Anu kagungan karajaan dina poe kiyamat
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ (4)
Wungkul ka gusti ibadah abdi jeung wungkul ka gusti nyuhunkeun pitulung abdi
اهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيمَ (5)
Muga-muga nuduhkeun gusti ka abdi kana agama anu beneur
صِرَاطَ الَّذِينَ أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ(6)
Nyaeta agamana sakabeh jalma, anu parantos maparinan ni’mat gusti ka eta sakabeh jalma
غَيْرِ الْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ وَلَا الضَّالِّينَ (7)
Anu heunteu dibenduan ka eta sakabeh jalma jeung henteu kasasar eta sakabeh jalma.
B.   Kateurangan surat Al-Fatihah
Surat al-Fatihah nyaeta diturunkeun di Mekkah, ayatna nyaeta tujuh ayat, kalimahna dua puluh tujuh , hurupna  saratus opat puluh hurup. Hukum maca bismillah ceuk madzhab Syafi’i, hanbali wajib, ceuk madzhab madzhab Hanafi, Maliki heunteu wajib. Maca fatihah  ceuk madzhab syafii, Malik, Hanbali eta wajib dina sholat, ceuk hanafi maca ayat sejen.





BAB III
PANUTUP
A.   Kacindekan
B.   Saran

0 Comment for "Keucap Panganteur Tafsir raudhatul Irfan Fi Ma'rifatil Qur'an Karya KH. Ahmad Sanusi Sukabumi"

Back To Top